Pupujian
Pupujian nyaéta
puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian
asalna tina sa'ir, nyaéta puisi anu asalna tina sastra Arab. Ku lantaran kitu, pupujian mah wangunna
téh méh taya bédana jeung sa'ir, diwangun ku opat padalisan dina sapadana,
sarta unggal padalisanna diwangun ku dalapan engang. Tapi
sanajan kitu, aya ogé anu diwangun ku dua padalisan, genep padalisan, dalapan
padalisan dina sapadana. Purwakanti anu aya dina pupujian umumna purwakanti
laras wekas.
Sacara gurat badagna mah, fungsi pupujian
téh aya anu mibanda fungsi éksprési jeung aya nu mibanda fungsi sosial. Tapi
dina kamekaranana, fungsi sosialna leuwih gedé ti batan fungsi éksprésina.
Cara macana, pupujian téh sok dikawihkeun
atawa dinadomkeun. Umumna dibacana téh di masjid saméméh salat jamaah, di
madrasah, pasantrén, jeung dina acara-acara anu aya patalina jeung kaislaman.
Dumasar kana eusina, pupujian téh bisa
digolongkeun kana sababaraha golongan, nyaéta: (1) muji ka Gusti Alloh, (2) solawat ka
Kanjeng Nabi, (3) do'a jeung tobat ka Pangéran, (4)
pépéling, jeung (5) ajaran agama.
[édit]Conto pupujian pépéling
Éling-éling dulur kabeh
ibadah ulah campoléh
beurang peuting ulah weléh
bisina kaburu paéh
Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkirkeun pati
Dongéng mangrupa
salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran).[1] Nilik
wandana jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula.[1] Ilaharna
dongéng téh pikeun barudak. [2]Patempatan
anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayan baheula, tokoh-tokohna
henteu manusa wungkul,
tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna.[1] Corak
rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus téma.[1]
[édit]Wangenan
Dongéng nya
éta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun
kajadian-kajadian jaman baheula. [3] Numutkeun kamus dongéng
téh babad meunang
ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina [4]. Budi Rahayu Tamsah nétélakeun
yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana
parondok. [5] Dongéng
mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu
kapanggih saha nu ngarangna. [6] Lantaran
sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. [6] Robahna
téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja. [6]
[édit]Papasingan Dongéng
Dumasar kana eusina dongéng dibagi jadi
tujuh nya éta :
Dongéng Fabél nya éta dongéng atawa carita
rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh
ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa. [7] Ilaharna
dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun
kawas manusa,
upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. [8] Dongéng sato biasana watek
palakuna geus dipola.[9] Dina
kasusastraan Sunda, dongéng sato téh pohara lobana. [9]
Dongéng Sagé nya éta carita ngeunaan
kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di masarakat jeung dina
sajarahna. [10] Sagé
mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu
légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan
nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati
Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.[7]
Dongéng Parabél nya éta dongéng anu eusina
nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba
pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda
nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. [11] Lian
ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si
Congcorang,jjrd.
Dongéng Mité nya éta dongéng anu
nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku masarakat. [12] Umumna
dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib.[9] Carita
dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot.[13] Aya
ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda
alam, jsté.[13]Mite
di Indonésia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat asalna nya éta, mite
asli Indonésia jeung mite nu asalna ti luar Indonésia, utamana ti nagara India, Arab jeung nagara-nagara sabudeureun Laut
Tengah.[14] Nu
asalna ti luar Indonésia, umumna geus robah nepi ka siga asli carita ti
Indonésia, ku lantaran kitu mite éta ngalaman prosés adaptasi.[14] Mite
nu asalna ti Indonésia umumna nyaritakeun asal-muasal jagat raya, ayana
tingkat déwa, jeung mimiti manusa manggihan
kadaharan saperti sangu, jagong,jsté.[14] Contona Dongéng Déwi Sri, Dongéng Nyi
Roro Kidul,Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén,
jeung Dongéng Ngipri.[9]
Dongéng Pieunteungeunnya éta dongéng anu
eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa.[15] Contona Cikaracak
Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.[15]
Dongéng Pamuk nya éta dongéng anu
nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur bisa aya patalina jeung
tokoh atawa kajadian sajarah.[15] Contoo
carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu
Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat.[16] Sakumaha
nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah
wewengkon Pasundan.[16] Contona Weasan
Aki Sayang Hawu.[16]
Dongéng légénda nya éta carita rayat anu
dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya.[17] Lumangsungna
éta kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus
dipikawanoh ku urang ayeuna. [17] Dongéng
sasakala mngrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa
dianggap mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus
jadi milik sagolongan masarakat.[17] Palaku
utama dina legenda jalma biasa.[17] Dongéng
legenda biasana nyaritakeun asal-muasalna kajadian.[17] Kajadian
hiji tempat, tutuwuhan,sato, atawa barang.[17]Papasingan
Legenda :
- Legenda Agama nya éta
legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam.[11] Legenda
nu geus dikumpulkeun diantarana: Syéh Siti
Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng,Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari
Tembayat, jste.[11]
- Legenda Alam gaib nya
éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu
gaib.[11]
- Legenda tokah jalma nya
éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.[11]
- Legenda tempat atawa
legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat,
ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung,
pasir-pasir, jurang, jsb. Contona saperti Sasakala Situ
Bagendit, Sasakala Situ
Patenggang, Sasakala Maribaya. [11]
Sedengkeun dumasar kana palakuna dongéng
téh kabagi jadi lima nya éta dongéng fabél [18],
dongéng legénda [18],
dongéng sagé [18],
dongéng parabél [18], Dongéng mité [18]
[édit]Unsur-unsur carita
dongéng
- Téma, tema nya éta ide, maksud
atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng,
anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa
ngadéngékeun dongéng. [18]
- Galur (plot) osok
disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu
sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita.[18] Galur
dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang
ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa
nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran. [18]
- Tokoh carita atawa palaku nya
éta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.[18]
- Latar (setting), nya
éta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng. [18]
- Amanat, nya éta pesen pangarang nu
hayang ditepikeun ka pamaca.[18] Umumna
amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca
atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna. [18]
[édit]Ciri-ciri Dongéng
- Caritana pondok,[14] lanjeuran
carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana
nya éta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé
kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan. [19]
- Aya bagian anu pamohalan. [14]
- Asup kana wangun lancaran jeung ugeran. [14]
- Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna. [14]
- Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan,
hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem.[14] Sanajan
dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan
kaluhungan budi jeung pieunteungeun.[19]
- Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika
umum. [14]
- Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun. [14]
- Pola ngadongéng sok angger, sanajan [20]
[édit]Sajarah
Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng
Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman
buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu.v Dina ieu
jaman, sastra anu aya teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim) kayaning
carita-carita pantun, carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan,
asihan, jampé-jampé, kawih, jsté.[21] Tétéla
pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis.[22] Sastra
tulis aya saba’da urang Sunda wawuh kana tradisi tulis.[21] Ku
sabab téknologi ayeuna beuki maju, nya éta ku ayana
pecitakan, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat kabar. [22] Lian
ti éta ogé, aya anu dikumpulkeun jadi buku, di antarana: Dongéng
disalin kana tulisan, sanggeus téknologi ngambah kana kasustraan sunda,
loba dongéng anu dibukukeun di antarana :
- Carita Rayat Sunan Gunung Jati ku Yuliadi Soekardi jeung U.Syahbudin.[21]
- Carita Rayat Asal Mula Kasultanan Cirebon ku A.Setiawan jeung U.Syahbudin.[21]
- Babad Tanah Sunda Babad Cirebon ku P.S. Sulendraningrat.[21]
- Dongéng-dongéng Sunda,
karangan D.K.Ardiwinata, terbit taun
1910.[22]
- Salawé
dongéng-dongéng Sunda jeung pariboga, karangan C.N. Pleyte, duanana
terbit taun 1991.[22]
- Warnasari Sunda I,
karangan J.Kats, terbit taun 1991. [22]
- Dongéng-dongéng Sunda II,
karangan R.H. Muhammad Musa (saduran),
terbit taun 1912.[22]
- [Dongéng-dongéng Sunda II]], karangan Mas Saleh jeung Ardiwinata, terbit taun 1920.[22]
- Sakadang Peucang, karangan
Sakadadibrata, terbit taun 1931.[22]
- Dongéng-dongéng
Sasakala II, karangan Sakadibrata, terbit taun 1959.[22]
- Abu Nawas, karangan Mawarun (sadarun), terbit taun
1980.[22]
- Ganjaran Kanu Sabar,
karangan M.O.Kusman, terbit taun 1980.[22]
- Beregejed (dongéng
pikaseurieun), karangan Taufik Faturrahman, terbit
taun 1982.[22]
Dongéng dirobah jadi wawacan, salain ditulis dongéng anu mimitina ngagunakeun basa lancaran bisa dirobah jadi wangun pupuh, nya éta jadi wawacan.[édit]Pungsi DongéngKalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi.[21] Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah.[21] Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan.[21] Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng.[21] Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun ditétélakeun di handap:- Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.[21]
- Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.[21]
- Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.[21]
- Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan
alamna boh kaayaan tali parantina.[21]
- Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun
pikeun bekel hirupna.[21]
- Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.[21]
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975 tétéla yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Itelegence Question (I.Q) budak.[21] Budak kakeunaan ku Virus n Ach (need for Achievement) nya éta virus nu ngamotipasin budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal.[21] Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana.[21] Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.[21]- Dongéng-dongéng
Sasakala II, karangan Sakadibrata, terbit taun 1959.[22]